Eunteung Peupeus

“ Aing geus beak piomongeun ! “, kitu ceuk manehna. Basa cumalimba na biwir talaga, nu teu ieuh mirosea, anteng ngitung simpe ku renghapna. “ Kudu ku cara kumaha, aing nanya !?”, manehna ngarahuh, kana tonggong Gunung, nu geus leungiteun sieup, ngareret sakedapan, laju ngaleos, ninggalkeun simpe. “Aing geus nepi, kana batas sabar !” koceakna!, nganaha-naha ka angin, nu terus ngalindur, nyumputkeun sora hate na dasar gawir nu lungkawing. “ Aing, rek indit !” jorowokna, meakkeun sesa tanaga. Taya nu mirosea; ngan manuk nazar, nu nyalampeurkeun, nyasaak awakna, tina tujuh arah angin. Laju mawa pesen pamungkasna indit, ka hiji tempat, nu angin ge teu apal lebah-lebahna !.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Riyono Afdfvm: deudeuh teuing......cobi pami nyariosna ka Kakang Prebu Godi Suwarna pasti diwaler
  2. Muhammad Refqi Fauzi: cobi nyariosna dina toa gera..
  3. Godi Suwarna: :"Yaktoos...! Tos cape, cape, cuape dekh...! Tos sanes waktosna tataros, sanes waktosna cacarios! Ayeuna mah mung kantun hiji-hijina jalan : Revolusi...! Teu aya cara sanesna deui..."
  4. Dayat Iskandar: Leres. Kedah repolisi. Moal bakal robah, kajaba ku repolisi. Tapi? Engke saha nu bade mingpinna? Nu araya mah puguh lauk buruk milu mijah wungkul?! Leueuh, kumaha atuh, nya? hehehe
  5. Ahmad Yani: @Riyono Afdfvm : Heu heu heu .... sumuhun nun , mugia nyawa abdi nu di sasaak seuneu di payuneun istana, teu sia-sia !! he he !!
  6. Ahmad Yani: @Muhammad Refqi : Percumah, cepil para papayung negri na, tos baronge ! Nun ! heu heu !
  7. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Nepangkeun Nami abdi SONDANG HUTAGALUNG, mung ku cara kieu sim kuring, seja negeskeun kacinta ka lemah cai !, heu heu heu !! Hatur sewu nuhun kana apresiasina Ang Prabu !
  8. Riyono Afdfvm: Revolusi...revolusi....revolusi......sampe mati...heueheu...janten emut taun 98
  9. Ahmad Yani: @Dayat Iskandar : Heu heu heu ... ayu ah !, urang nyobian Nguliat ! ha ha ha ha !! ( Haturan wilujeng siang Kang ! )
  10. Riyono Afdfvm: Ang Dayat Iskandar, gampil nu mingpina mah, keun we Kakang Prabu Godi Suwarna hahahaha
  11. Dayat Iskandar: Puguh janten inget ka mangsa harita. Koceak dengek ti beh kaler teu didenge. Nu ngagaur ti beh kidul anggur digusur. Nu ngagorowok ti beh kulon ongkoh dijebrod. Sedeng nu ngagoak ti beh wetan mah malah nampa timbalan. Rempeg ngawangun balad kurawa nu samakta ku anugrah. Naha manan kitu? Tukang olo-olo. Loba anu giruk. Rukun jeung kumpeni. Niat jadi pangkat. Katon kagorengan. Ngantos kangjeng dalem. Lempa lempi lempong. Adu pipi jeung nu pehong. Kacida, ih!
  12. Dayat Iskandar: Ang Riyono Afdfvm: Atuh tiasa robah janten nagara mikmin manawi? hehehe
  13. Riyono Afdfvm: Mang Yaya, bingung..bingung ku memikirnya.....Merdeka
  14. Yanti Sri Budiarti: Naon? Rek indit?! Jig!!! (Ngalungkeun buntelan) xixixi
  15. Dadang Soekanda: Rupina cekap saurang, panyekes hurungna seuneu, bakal ngabebela sa Nusantara, digeberan ku geuleuh nu taya tandingna, KORUPTOR, Pamimpin anu teu amanah, tewakan urang jadikeun suluhna. Duruk.. yu... Duruk
  16. Aris Kumetir: Eunteung mancawura nalika ngeunteung."Na mawat diri taya cageurna sakitu liket ku karaha ujub".Astagfirulloh.
  17. Irman Dimyatie: mawas diri nyasaak rasa nu pinuh ku rasa rumasa geus lamokot ku dosa. ...... jero pisan yeuh fikmin.
  18. Ya Soebarta: Ajiiiiib kang, asa ngiringan ngarahuh ieu teh bakating ku cape..!! hayu atuh urang dikawitan ku niat anu sae tur hebring..!!pung pung pung jang Fikmin ek ngarevolusi...!!!
  19. Ahmad Yani: @Mang Yaya: Sapuk pisan Ang !, tos di kitu, tos di kieu, asa angger wae !, sumuhun sapagodos pisan, resep nu di carioskeun ku Mang Ya !, yakin nu pang mujarabna !
  20. Ahmad Yani: @Neng Yanti SB : Heu heu heu ...meni galak !, dugi ka di alungkeun sagala ! ha ha ha ha !!
  21. El Hijar: beurat nandanganana....
  22. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda : Waas ....moal teu girinyih, upami para koruptor di daruruk !!! heu heu heu ....
  23. Ahmad Yani: @Aris Kumetir : Potret kahirupan " NAGRI KEDOK " ( nambut istilah Kang Godi !) memang teu kinten matak sareukseukna !
  24. Ahmad Yani: @Kang Irman Dimyatie : Heu heu heu ... di emut-emutmah, asa langkung hareudang hirup di negeri kedok teh ! Ang ! heu heu !
  25. Ahmad Yani: @Ya Soebarta :Heu heu heu ... Siapppppppp !!!!
  26. Ahmad Yani: @Wartawan Leupas : He he he.... beurat upami ditanggung ku nyalira mah Ang ! heu heu !
  27. Teti Taryani: Eum, etah penerus Sondang... sing sabar atuh.... heg bari ngaderes kainyah... ulah ngamarang-ngamanting ka gunung, geus puguh teu bisa diongget-ongget!
  28. Ahmad Yani: @Teh Teti Taryani : Heu heu heu ...bantuan atuh Teh ! he he !!
  29. Teti Taryani: Hese Ang Ahmad Yani, gunungna luhur teuing jaba jerona leuweung geledegan... asa moal kauntup!! huhuhu..